Ningali Jurig
Saberesna jajan Teh Dingin ti warung Mang Ace, caritana si Opik teh miceun sampah gelas palastik sisieun imah Neng Sifa. Kacipta kaget manehna barang ningali ka lorong kontrakan belah kenca, aya awewe dina baju hideung, awakna jangkung tur buukna riwig. Langsung atuh eta mah kontan lumpat satarikna, embung nempo deui katukang. Rek balik ka imah sieun, tungtuna ningali lampu hurung keneh di warung Teh Ani, langsung bae gegedor. ‘Aya naon pik?’ ‘Teh Ani, abi ningali kunti,’ pokna bari engap-engapan. Ngagoloseh dina ubin koneng, nyarandekeun maneh kana tembok. 'Ah maenya wayah kieu aya kunti. Salah ningali meureun?' Opik teu ngomong sakecap-kecap acan. Kalah ka ngaringkuk nangkeup tuur bari dederegdegan. Cape ongkoh, sieun komo deui. 'Geus, geus, keun we. Yeuh inuman heula ngarah tenang, Pik.' A Asep, salaki Teh Ani, nyodorkeun Ale2 tina kulkas. Tuluy we dileguk. Minum na ge bari tuur ngadegdeg tea geuning. Teu lila, Diwan ngaliwat balik gawe sigana. Duka balik ulin. Nin...