Ningali Jurig


Saberesna jajan Teh Dingin ti warung Mang Ace, caritana si Opik teh miceun sampah gelas palastik sisieun imah Neng Sifa. Kacipta kaget manehna barang ningali ka lorong kontrakan belah kenca, aya awewe dina baju hideung, awakna jangkung tur buukna riwig. Langsung atuh eta mah kontan lumpat satarikna, embung nempo deui katukang. Rek balik ka imah sieun, tungtuna ningali lampu hurung keneh di warung Teh Ani, langsung bae gegedor.

‘Aya naon pik?’

‘Teh Ani, abi ningali kunti,’ pokna bari engap-engapan. Ngagoloseh dina ubin koneng, nyarandekeun maneh kana tembok. 

'Ah maenya wayah kieu aya kunti. Salah ningali meureun?' Opik teu ngomong sakecap-kecap acan. Kalah ka ngaringkuk nangkeup tuur bari dederegdegan. Cape ongkoh, sieun komo deui.

'Geus, geus, keun we. Yeuh inuman heula ngarah tenang, Pik.' A Asep, salaki Teh Ani, nyodorkeun Ale2 tina kulkas. Tuluy we dileguk. Minum na ge bari tuur ngadegdeg tea geuning. Teu lila, Diwan ngaliwat balik gawe sigana. Duka balik ulin. Ningali aya nu rame di tempat Teh Ani, ngadenge sora jalma kasieunan. Panasaran, ditingali. Eh, ai pek teh adina.

‘Diwan, itu si Opik ningali kunti, jurig, ceunah’ pok Wa Nunung.

‘Ah, maenya. Jurig di mana? Tadi liwat teu ningali nanaon geuning.’ Diwan nyusulan jalan, ningalian ka satukangeun pipir Mamah Uli, bagian gang paling poek lebah walungan, di hareupeun na aya makam duka saha nu memang tos maot ti saprak Diwan orok beureum. Pikirna bakal manggih sugan hiji jurig didinya pedah tempat eta teh kalandi pang keueungna. Tapi teu sahiji-hiji acan nu nempokeun maneh.

‘Euweuh ah. Salah ningali mereun, Pik.’

‘Itu ai Aa di gang deukeut kontrakan Mas Heri.’ Torolong manehna indit deui ka gang nu dimaksud. Nepi ka belokan aya sora awewe keur haharewosan, ngobrol. Leutik jalmana. Buukna digebray. Make baju kayas, najan poek ge angger bisa kabedakeun warnana.

‘Euweuh, Pik, ah. Ngalindur meureun maneh mah. Aya ai awewe mah, keur nelepon. Buukna enya  riwig, jebag. Tapi make baju ping lain hideung. Hayu geura urang tingali. Paling Ceu Entih keur nguruskeun bisnis lauk, da sok nelepon unggal jam sakieu.’

Ngadenge jawaban lanceukna, Opik jempe ngahephep, satengah kaget satengah era tea. Boa meureun memang manehna salah ningali. Tapi da ku keukeuh. Kaisukan poe mangsa ditanya ku babaturan sakola jawabanna pasti sarua

‘Ah maenya Ceu Entih. Da Ceu Entih mah leutik. Kamari basa urang ngaliwat mah gede awakna. Jaba baju hideung lain ping.’ Asa aing panghebatna pedah ningali jurig peuting eta.

Teu kamana teu kamana pasti bakal ditanya ku tatangga

‘Pik, kumaha jurig tea teh?’
'Pik, aya kunti teh?' 
'Pik..'

Ti saprak harita, duka pedah ku hebohna atawa kalakon lucuna, si Opik ngadadak tenar di saantero RT opat desa Mengger.

Tah, matakna tong sok balik peuting ceuk lagu Doel Sumbang oge.  Sabab peuting mah loba jurig siliwurih.
Mmh, aya-aya wae nya budak..


Comments

Popular posts from this blog

Hati-hati dengan (kriteria) Pria Turki !

Perempuan Indonesia di Mata Laki-laki Turki

MashaAllah ala Turki vs Indonesia

Lelaki Turki

Tanya Jawab Seputar Beasiswa Turki