Tembang samenan :P

 

Mani asa nyareksek hate ieu teh. Asa waraas. Nineung. Teu puguh-puguh ujug-ujug hayang ngahariring tembang heubeul. Ririungan.. urang karumpul..  

Sok inget ka jaman unyil-usro, jaman budak nongtot leho (*iih), jaman samenan (kenaekan kelas) atawa perpisahan sakola mun nembangkeun lagu ieu teh yeuh. Duh Gusti, asa nyerelek geuning waktu teh..  


Sapu Nyere Pegat Simpay

Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpay, bakal kalakon
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kasorang
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukeut, hayu urang sosonoan

Comments

Popular posts from this blog

Hati-hati dengan (kriteria) Pria Turki !

Perempuan Indonesia di Mata Laki-laki Turki

Lelaki Turki

Cari Jodoh Orang Turki?

Tanya Jawab Seputar Beasiswa Turki